KASENIAN HADRO DI DÉSA BOJONG KACAMATAN BUNGBULANG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL SENI BUDAYA SUNDA DI SMP

Try Permadi, - (2018) KASENIAN HADRO DI DÉSA BOJONG KACAMATAN BUNGBULANG KABUPATÉN GARUT PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL SENI BUDAYA SUNDA DI SMP. S2 thesis, Universitas Pendidikan Indonesia.

[img] Text
T_BBS_1603174_Title.pdf

Download (282kB)
[img] Text
T_BBS_1603174_Abstract.pdf

Download (295kB)
[img] Text
T_BBS_1603174_Table_Of_Content.pdf

Download (388kB)
[img] Text
T_BBS_1603174_Chapter1.pdf

Download (385kB)
[img] Text
T_BBS_1603174_Chapter2.pdf
Restricted to Staf Perpustakaan

Download (502kB)
[img] Text
T_BBS_1603174_Chapter3.pdf

Download (572kB)
[img] Text
T_BBS_1603174_Chapter4.pdf
Restricted to Staf Perpustakaan

Download (1MB)
[img] Text
T_BBS_1603174_Chapter5.pdf

Download (299kB)
[img] Text
T_BBS_1603174_Bibliography.pdf

Download (307kB)
[img] Text
T_BBS_1603174_Appendix1.pdf
Restricted to Staf Perpustakaan

Download (515kB)
[img] Text
T_BBS_1603174_Appendix2.pdf
Restricted to Staf Perpustakaan

Download (402kB)

Abstract

Ieu panalungtikan ngaguar ngeunaan kasenian hadro nu aya di Désa Bojong, Kacamatan Bungbulang, Kabupatén Garut. Sacara umum, udagan ieu panalungtikan nyaéta pikeun ngaguar unsur struktural, ajén étnopédagogik, sarta kalungguhan jeung pungsi ieu kasenian di masarakat, anu satuluyna dipatalikeun jeung pangajaran maca artikel seni budaya Sunda di SMP. Métode anu digunakeun nyaéta métode déskriptif. Téhnik anu digunakeun nyaéta obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi. Instrumén anu digunakeun nyaéta kaméra digital, handycam, padoman wawancara, jeung padoman obsérvasi. Dumasar kana hasil panalungtikan bisa dicindekkeun yén unsur struktural nu aya dina ieu kasenian téh nyaéta: 1) saméméh pagelaran diayakeun tapakur ka Pangéran, dituluykeun kana nyiapkeun waditra tur mariksa waditra, 2) prakna minton kasenian hadro dimimitian ku pamapag ti aparat désa, dituluykeun kana ngatur posisi pamaén, laju dibuka maké rumpaka lagu pamuka, nu satuluyna kana lagu karya Kiyai Ahmad Sayuti tur diibingan maké ibing hadro, sarta nu pamungkasa ditutup. Ajén étnopédagogik anu nyampak dina ieu kasenian nyaéta ngeunaan catur diri insani nu ngawengku pengkug agamana, luhur élmuna, jembar budayna, rancagé gawéna, tur diguar ngeunaan sawangan hirup urang Sunda nu ngawengku, sawangan hirup manusa ka pribadi, sawangan hirup manusa jeung lingkungan masarakat, sawangan hirup manusa jeung alam, sawangan hirup manusa jeung Pangéran, manusa dina ngahontal kasugemaan lahir, jeung batin. Nu di beungkeut ku gapura panca waluya nyaéta cageur, bageur, bener, pinter, jeung singer. Kalungguhan jeung pungsi ieu kasenian di masarakat, nyaéta mangrupa média kaagamaan, sarana hiburan, alat komunikasi, ngaraketkeun tali silaturahmi jeung gawé gotong-royong. Satuluyna hasil tina ieu panalungtikan bisa dilarapkeun pikeun bahan pangajaran maca artikel seni budaya Sunda di SMP.

Item Type: Thesis (S2)
Additional Information: No. Panggil : T BBS TRY p-2018; Pembimbing : I. Rahman, II. Ruhailah; NIM : 1603174
Uncontrolled Keywords: kasenian hadro, struktural, étnopédagogik, kesenian hadro, etnopedagogik, art of hadro, structural, ethno-pedagogy
Subjects: L Education > LB Theory and practice of education
L Education > LB Theory and practice of education > LB1603 Secondary Education. High schools
Divisions: Sekolah Pasca Sarjana > Bahasa dan Budaya Sunda S-2
Depositing User: Rika Maysani
Date Deposited: 30 Jul 2019 05:56
Last Modified: 30 Jul 2019 05:56
URI: http://repository.upi.edu/id/eprint/36518

Actions (login required)

View Item View Item