Sadiah, Anggi Nadia Halimatul (2017) PUPUJIAN DI KAMPUNG RANCAMALANG DÉSA MARGAASIH KABUPATÉN BANDUNG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN NGAREGEPKEUN KELAS VII DI SMP. S1 thesis, Universitas Pendidikan Indonesia.
Abstract
Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngainvéntarisir sarta ngadéskripsikeun wangun, purwakanti, eusi, harti, fungsi, jeung basa pupujian anu kapanggih di Kampung Rancamalang, Désa Margaasih, Kabupatén Bandung. Métode nu digunakeun nya éta métode déskriptif kalayan pamarekan kualitatif. Téhnik nu digunakeun pikeun ngumpulkeun data nya éta studi pustaka, obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi. Dumasar kana hasil panalungtikan, data pupujian nu kakumpulkeun aya 30 pupujian ti tilu urang narasumber. Pupujian nu kakumpulkeun dicokot 16 pupujian pikeun dianalisis. Hasil analisis tina 16 pupujian nya éta, wangun sair jumlahna aya 6 pupujian, sedengkeun wangun kantétan opat aya 7 pupujian. Jumlah padalisan sakabéhna diwangun ku 4 padalisan, sedengkeun jumlah engang pangréana diwangun ku 8 engang. Purwakanti nu mindeng kapanggih nya éta purwakanti maduswara. Eusi nu nyangkaruk dina pupujian lolobana mangrupa pangajaran kaagamaan. Dumasar kana harti saujratna, lolobana mangrupa pangajaran kaagamaan, dumasar kana rasa, lolobana nya éta rasa sumanget dina nyiar élmu agama, dumasar kana nada, lolobana nya éta nada umajak ngalakonan amalan nu hadé, dumasar kana itikad, lolobana sangkan nu maca atawa nu ngaregepkeun dipiharep aya parobahan, boh parobahan sikep, pikiran, rasa, boh paripolah dina ngajalankeun ajaran agama. Fungsi pupujian umumna enggoning ngamimitian unggal pangajian pikeun barudak. Tina 16 pupujian nu dianalisis, sakabéhna bisa dijadikeun alternatif bahan pangajaran ngaregepkeun kls VII di SMP, lantaran nyumponan kana sababaraha kritéria dina milih bahan ajar.
|
Text
S_BD_1205456_Title.pdf Download (529kB) | Preview |
|
|
Text
S_BD_1205456_Abstract.pdf Download (286kB) | Preview |
|
|
Text
S_BD_1205456_Table_of_content.pdf Download (181kB) | Preview |
|
|
Text
S_BD_1205456_Chapter1.pdf Download (386kB) | Preview |
|
![]() |
Text
S_BD_1205456_Chapter2.pdf Restricted to Staf Perpustakaan Download (432kB) |
|
|
Text
S_BD_1205456_Chapter3.pdf Download (406kB) | Preview |
|
![]() |
Text
S_BD_1205456_Chapter4.pdf Restricted to Staf Perpustakaan Download (1MB) |
|
|
Text
S_BD_1205456_Chapter5.pdf Download (290kB) | Preview |
|
|
Text
S_BD_1205456_Bibliography.pdf Download (184kB) | Preview |
|
![]() |
Text
S_BD_1205456_Appendix.pdf Restricted to Staf Perpustakaan Download (448kB) |
Item Type: | Thesis (S1) |
---|---|
Additional Information: | No. Panggil: S BD SAD p-2016; Pembimbing I: Ruswendi Permana, II: Retty Isnendes |
Uncontrolled Keywords: | Pupujian, Bahan, Pangajaran, Ngaregepkeun |
Subjects: | L Education > L Education (General) L Education > LB Theory and practice of education L Education > LB Theory and practice of education > LB1603 Secondary Education. High schools P Language and Literature > P Philology. Linguistics P Language and Literature > PZ Childrens literature |
Divisions: | Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra > Jurusan/Program Studi Pendidikan Bahasa Daerah |
Depositing User: | Mr mhsinf 2017 |
Date Deposited: | 18 Jul 2017 08:38 |
Last Modified: | 18 Jul 2017 08:38 |
URI: | http://repository.upi.edu/id/eprint/23813 |
Actions (login required)
![]() |
View Item |