STRUKTUR JEUNG SIMBOL BUDAYA SUNDA DINA DONGENG SAKADANG KUYA JEUNG MONYET

    Risnawati, Risnawati (2017) STRUKTUR JEUNG SIMBOL BUDAYA SUNDA DINA DONGENG SAKADANG KUYA JEUNG MONYET. S2 thesis, Universitas Pendidikan Indonesia.

    Abstract

    Ieu panalungtikan medar ngeunaan struktur jeung simbol budaya Sunda anu kapanggih dina dongéng “Sakadang Kuya jeung Monyét”, pikeun maluruh mangsa gelarna éta dongéng jeung pangaruh kasang tukang budaya anu nuliskeun éta dongéng kana simbol-simbol anu digunakeunana. Dina ieu panalungtikan digunakeun métode déskriptip kualitatip, jeung métode hermeneutik. Tegesna ieu panalungtikan henteu museur pikeun ngajawab hiji hipotésis, tapi leuwih dipuseurkeun kana tarékah napsirkeun simbol-simbol anu kapanggih dina éta dongéng, ku kituna dina ieu panalungtikan henteu nyieun hipotésis. Dina prakna, métode déskriptip kualitatip pikeun ngumpulkeun, ngadéskripsikeun, jeung ngaanalisis data, sedeng métode hermeneutik pikeun napsirkeun ma’na anu aya nyamuni satukangeuna data-data anu kapanggih. Dina ngumpulkeun data, ngagunakeun téhnik studi pustaka pikeun maluruh dongéng “Sakadang Kuya jeung Monyét” anu geus didokuméntasikeun dina wangun tulisan. Data anu dijadikeun populasi nyaéta sakabéh dongéng anu geus didokuméntasikeun dina wangun tinulis, anu palakuna kuya jeung monyét, sarta anu dijadikeun sampel nyaéta dongéng anu kuya jeung monyétna ngalalakon babarengan, sangkan teu méngpar tina tujuan panalungtikan. Ieu hal dumasar kana tinimbangan, teu sakabéh dongeng anu tokohna monyet ngalalakon babarengan jeung kuya. Kitu deui sabalikna. Dina ieu panalungtikan kapanggih rupa-rupa kecap anu jadi simbol-simbol husus sarta ngagambarkeun pola pikir jeung kahirupan masarakat Sunda dina hiji waktu anu tangtu, dina wujud konsep/gagasan, aktipitas/tindakan, jeung barang. Tina sakabéh data panalungtikan, aya 198 kecap anu jadi simbol budaya Sunda. Dina wujud konsep/gagasan aya 18 kecap (9,09 %), dina wujud aktipitas/tindakan aya 24 kecap (12,12 %), jeung dina wujud barang aya 156 kecap (78,78 %)

    [thumbnail of T_BBS_1402016_Title.pdf]
    Preview
    Text
    T_BBS_1402016_Title.pdf

    Download (235kB) | Preview
    [thumbnail of T_BBS_1402016_Abstract.pdf]
    Preview
    Text
    T_BBS_1402016_Abstract.pdf

    Download (379kB) | Preview
    [thumbnail of T_BBS_1402016_Table Of Content.pdf]
    Preview
    Text
    T_BBS_1402016_Table Of Content.pdf

    Download (290kB) | Preview
    [thumbnail of T_BBS_1402016_Chapter1.pdf]
    Preview
    Text
    T_BBS_1402016_Chapter1.pdf

    Download (520kB) | Preview
    [thumbnail of T_BBS_1402016_Chapter2.pdf] Text
    T_BBS_1402016_Chapter2.pdf
    Restricted to Staf Perpustakaan

    Download (647kB)
    [thumbnail of T_BBS_1402016_Chapter3.pdf]
    Preview
    Text
    T_BBS_1402016_Chapter3.pdf

    Download (422kB) | Preview
    [thumbnail of T_BBS_1402016_Chapter4.pdf] Text
    T_BBS_1402016_Chapter4.pdf
    Restricted to Staf Perpustakaan

    Download (1MB)
    [thumbnail of T_BBS_1402016_Chapter5.pdf]
    Preview
    Text
    T_BBS_1402016_Chapter5.pdf

    Download (298kB) | Preview
    [thumbnail of T_BBS_1402016_Bibliography.pdf]
    Preview
    Text
    T_BBS_1402016_Bibliography.pdf

    Download (515kB) | Preview
    [thumbnail of T_BBS_1402016_Appendix.pdf] Text
    T_BBS_1402016_Appendix.pdf
    Restricted to Staf Perpustakaan

    Download (450kB)
    Official URL: http://repository.upi.edu/
    Item Type: Thesis (S2)
    Additional Information: No. Panggil: T BBS RIS s-2016; Pembimbing: I. Dedi Koswara
    Uncontrolled Keywords: dongéng, struktur, simbol, budaya
    Subjects: P Language and Literature > P Philology. Linguistics
    Divisions: Sekolah Pasca Sarjana > Linguistik S-2
    Depositing User: Mr mhsinf 2017
    Date Deposited: 10 Aug 2017 00:49
    Last Modified: 10 Aug 2017 00:49
    URI: http://repository.upi.edu/id/eprint/24719

    Actions (login required)

    View Item View Item