Adhi, Mamay Rahayu Tresna (2012) STRUKTUR NARATIF FIKSIMINI BASA SUNDA. S2 thesis, Universitas Pendidikan Indonesia.
|
Text
t_pbbs_1004848_table_of_content.pdf Download (234kB) | Preview |
|
|
Text
t_pbbs_1004848_chapter1.pdf Download (400kB) | Preview |
|
Text
t_pbbs_1004848_chapter2.pdf Restricted to Staf Perpustakaan Download (525kB) | Request a copy |
||
|
Text
t_pbbs_1004848_chapter3.pdf Download (417kB) | Preview |
|
Text
t_pbbs_1004848_chapter4.pdf Restricted to Staf Perpustakaan Download (662kB) | Request a copy |
||
|
Text
t_pbbs_1004848_chapter5.pdf Download (231kB) | Preview |
|
|
Text
t_pbbs_1004848_bibiography.pdf Download (367kB) | Preview |
Abstract
Kahirupan sastra Sunda kiwari nambahan euyeub ku lahirna genre karya sastra nu di sebut fiksimini. Pangna di sebut fiksimini alatan wanguna nu pondok pisan, leuwih pondok tina carita pondok mini nu geus gelar saméméhna. Di tilik tina pondokna mah ngaharib-harib carita guguyon, boh lisan boh tinulis, nu geus mekar leuwih tiheula. Bédana katara tina eusina, carita guguyon najan réa nu eusina kritik kana kahirupan sapopoé, sacara stuktir mah kurang dipaliré. Sedengkeun fiksimini kaitung merhatikeun pisan struktur jeung narasina salaku sarana nétélakeun eusi. Masalah nu ditaluntik ngawengku kumaha: 1) struktur instrinsik nu ngawengku téma, galur, palaku, jeung kasang tukang dina fiksimini basa Sunda, 2) waktu naratif nu ngawengku modus, kala, jeung puser sawangan dina fiksimini basa Sunda, 3) konsépsi nu mekar jeung jadi idéntitas fiksimini basa Sunda. Dumasar kana éta masalah, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1) struktur instrinsik fiksimini basa Sunda nu patali jeung téma, galur, palaku jeung kasang tukang, 2) waktu naratif fiksimini basa Sunda nu ngawengku modus, kala, jeung puser sawangan, 3) konsépsi nu mekar jeung jadi identitas fiksimini basa Sunda. Dumasar tina panalungtikan bias dicindekeun sawatara hal. Tema muser kana hiji pasualan, umumna patali jeung pasualan-pasualan rumah tangga, asih papada manusa, asih manusa jeung sabudereun lingkunganana, jeung pasualan social kamasarakatan patali jeung kahirupan sapopoé. Palaku umumna teu réa, cukup saurang palaku utama jeung hiji nepi ka tilu palaku tambahan, galur umumna merélé, muser kana hiji kajadian. Aya ogé nu ngagunakeun galur nyoréang ka tukang.carita ogé biasana langsung torojongan dibawa kana puser pasualan. Kasang tukang waktu jeung tempat ngawengku lingkungan sabudereunana dina mangka kamari jeung kiwari. Modus nu digunakeun umumna aya dua, narrator salaku palaku jeung narrator nu liana palaku. Téhnik narasi nu digunakeun umumna mimemis nu leuwih nembongkeun informasi tibatan narrator sorangan, peristiwa ujaran téh ditémbongkeun téhnik narrated speech, peristiwa ujaran téh ditémbongkeun ngaliwatannarasi ti narrator. Waktu carita jeung waktu narasi umumna aya dina kronologi nu sarua, ngawengku hiji atawa dua kajadian puser. Unggal kajadian lumangsungna dina sapoé. Tina sawatara fikmin nu dianalisis dina ieu panalungtikan, katitén yén fiksimimi mangrupa carita nu témana muser kana hiji pasualan, galurna merélé basajan, jumlah palaku jeung kasang tukang tempat tur waktuna ukur hiji nepi ka dua. Tina jihad waktu narasi, téhnik nu digunakeun biasana mimémis, informasi lewih ditémbongkeun tibatan naratorna kalawan leuwih mentingkeun nganteurkeun carita sacara langsung, ngagunakeun kecap-kecap jeung kalimah nu padet
Item Type: | Thesis (S2) |
---|---|
Additional Information: | Nomor Panggil TPBBS ADH s-2012 |
Uncontrolled Keywords: | Fiksimini Bahasa Sunda |
Subjects: | L Education > L Education (General) |
Depositing User: | Staf Koordinator 3 |
Date Deposited: | 25 Jun 2014 07:23 |
Last Modified: | 25 Jun 2014 07:23 |
URI: | http://repository.upi.edu/id/eprint/8642 |
Actions (login required)
View Item |