RAGAM BASA IKLAN KOMERSIAL BASA SUNDA DINA MÉDIA MASSA

    Sofawati, - (2020) RAGAM BASA IKLAN KOMERSIAL BASA SUNDA DINA MÉDIA MASSA. S1 thesis, Universitas Pendidikan Indonesia.

    Abstract

    Kasang tukang ieu panalungtikan nyaéta lobana basa anu digunakeun ku panyatur jeung pamiarsana ngaliwatan téhnologi, ieu hal tangtu bakal mangaruhan kana ayana ragam basa. Tujuan ieu panalungtikan pikeun nalungtik jeung ngadéskripsikeun ragam basa iklan komersial basa Sunda dina média massa, sarta ngagunkeun pamarekan kualitatif kalayan métode déskripsif. Salia ti éta, ieu panalungtikan ogé ngagunakeun téhnik sacara langsung ngaliwatan lengkah-lengkah saperti ngadownload atawa ngadokumentasikeun iklan komersial basa Sunda, ngalakukeun transkrip data iklan komersial basa Sunda, ngaidentifikasikeun data kana jenis ragam basa, sarta anu pamungkas nyieun kacindekan. Dumasar kana hasil analisis data, anu kapaluruh aya 33 iklan komersial basa Sunda dina média massa, sarta 211 anu kagolong ragam basa. Anapon anu bisa diidentifikasikeun kana tilu wanda ragam basa, di antarana; (1) ragam basa dumasar panyaturna anu ngawengku tujuh ragam basa nyaéta akrolék, basilék, vulgar, slang, kolokial, jargon, jeung argot; (2) ragam basa dumasar kaformalan anu ngawengku opat ragam basa nyaéta ragam basa usaha atau konsultatif, ragam basa formal atau resmi, ragam basa santai atau kasual, jeung ragam basa akrab atau intim; (3) ragam basa dumasar kana sarana anu ngawengku dua ragam basa nyaéta ragam basa lisan jeung ragam basa tulisan. ku kituna, saluyu jeung data anu kapaluruh tina ieu iklan komersial basa Sunda dina média massa téh ditingali dumasar kana makéna basa tina kagiatan komunikasi anu dilakukeun panyatur ngaliwatan téhnologi. Ieu panalungtikan téh nyoko kana téori ragam basa anu ditétélakeun ku Chaer jeung Agustina tina buku sosiolinguistik.

    [thumbnail of S_BD_1600704_Title.pdf] Text
    S_BD_1600704_Title.pdf

    Download (2MB)
    [thumbnail of S_BD_1600704_Chapter1.pdf] Text
    S_BD_1600704_Chapter1.pdf

    Download (386kB)
    [thumbnail of S_BD_1600704_Chapter2.docx.pdf] Text
    S_BD_1600704_Chapter2.docx.pdf
    Restricted to Staf Perpustakaan

    Download (418kB)
    [thumbnail of S_BD_1600704_Chapter3.docx.pdf] Text
    S_BD_1600704_Chapter3.docx.pdf

    Download (377kB)
    [thumbnail of S_BD_1600704_Chapter4.docx.pdf] Text
    S_BD_1600704_Chapter4.docx.pdf
    Restricted to Staf Perpustakaan

    Download (712kB)
    [thumbnail of S_BD_1600704_Chapter5.docx.pdf] Text
    S_BD_1600704_Chapter5.docx.pdf

    Download (256kB)
    [thumbnail of S_BD_1600704_Appendix.docx.pdf] Text
    S_BD_1600704_Appendix.docx.pdf
    Restricted to Staf Perpustakaan

    Download (1MB)
    Official URL: http://repository.upi.edu
    Item Type: Thesis (S1)
    Uncontrolled Keywords: Ragam basa jeung iklan komersial basa Sunda
    Subjects: L Education > L Education (General)
    P Language and Literature > P Philology. Linguistics
    Divisions: Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra > Jurusan/Program Studi Pendidikan Bahasa Daerah
    Depositing User: Sofawati
    Date Deposited: 02 Jun 2022 04:50
    Last Modified: 02 Jun 2022 04:50
    URI: http://repository.upi.edu/id/eprint/72799

    Actions (login required)

    View Item View Item