INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUND

    PRAMANIK, NÉNDÉN INTAN (2014) INVÉNTARISASI PUISI MANTRA TATANÉN DI KACAMATAN CISITU KABUPATÉN SUMEDANG PIKEUN BAHAN PANGAJARAN BASA JEUNG SASTRA SUND. S1 thesis, Universitas Pendidikan Indonesia.

    Abstract

    Ieu panalungtikan ngeunaan puisi mantra tatanén anu sumebar di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang. Tujuan tina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun klasifikasi hasil invéntarisasi puisi mantra di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang, puisi-puisi mantra tatanén di Kacamatan Cisitu Kabupatén Sumedang, jeung larapna hasil panalungtikan kana bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode déskriptif, sarta ngagunakeun téhnik studi pustaka, obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi. Hasil tina ieu panalungtikan aya 93 puisi mantra anu diinvéntarisasi, tina klasifikasi puisi mantra kapanggih aya 24 asihan, 46 jangjawokan, 7 singlar, 10 rajah, jeung 6 jampé, tur aya 40 mantra tatanén, jeung 53 anu lain mantra tatanén. Tina déskripsi 40 mantra tatanén, aya 31 jangjawokan, 7 rajah, jeung 2 singlar. Basa anu digunakeun dina mantra tatanén nya éta basa Sunda, basa Sansekerta, basa Kawi, basa Arab, basa Jawa, basa Tamil, jeung basa Jawa Cirebon. Éta mantra tatanén téh miboga tujuan nu hadé. Tempat mapatkeun éta mantra téh aya nu di sawah, di huma, di kebon, di leuit atawa gudang, jeung di pabéasan. Kapercayaan anu katitén dina éta mantra tatanén nya éta kapercayaan urang Sunda anu kacampuran ku kapercayaan Islam jeung Hindu. Pakakas anu digunakeun dina waktu mapatkeun éta mantra nya éta menyan, parukuyan, upet, bedog, tamiang, undem, cai, hanjuang, umbul-umbul, jeung saung sanggar. Prak-prakan mapatkeun éta mantra réréana bari ngukus. Pikeun ngawasa éta mantra ulah milampah pagawéan nirca, aya ogé nu ulah dipapatkeun ku lalaki, ulah dipapatkeun ku awéwé, sarta aya nu kudu puasa wewedalan jeung mutih. Hasil analisis dumasar kana kritéria milih bahan pangajaran anu hadé aya 31 mantra anu bisa dijadikeun bahan pangajaran jeung 9 mantra anu teu bisa dijadikeun bahan ajar. Tina hasil ieu panalungtikan disusun dua bahan pangajaran anu mangrupa conto, nya éta bahan pangajaran mantra pikeun murid SMA kelas XI jeung artikel pikeun murid kelas XII.

    [thumbnail of S_BD_1008841_Title.pdf]
    Preview
    Text
    S_BD_1008841_Title.pdf

    Download (247kB) | Preview
    [thumbnail of S_BD_1008841_Abstract.pdf]
    Preview
    Text
    S_BD_1008841_Abstract.pdf

    Download (366kB) | Preview
    [thumbnail of S_BD_1008841_Table_of_Content.pdf]
    Preview
    Text
    S_BD_1008841_Table_of_Content.pdf

    Download (265kB) | Preview
    [thumbnail of S_BD_1008841_Chapter1.pdf]
    Preview
    Text
    S_BD_1008841_Chapter1.pdf

    Download (229kB) | Preview
    [thumbnail of S_BD_1008841_Chapter 2.pdf] Text
    S_BD_1008841_Chapter 2.pdf
    Restricted to Staf Perpustakaan

    Download (426kB)
    [thumbnail of S_BD_1008841_Chapter3.pdf]
    Preview
    Text
    S_BD_1008841_Chapter3.pdf

    Download (260kB) | Preview
    [thumbnail of S_BD_1008841_Chapter4.pdf] Text
    S_BD_1008841_Chapter4.pdf
    Restricted to Staf Perpustakaan

    Download (1MB)
    [thumbnail of S_BD_1008841_Chapter5.pdf]
    Preview
    Text
    S_BD_1008841_Chapter5.pdf

    Download (141kB) | Preview
    [thumbnail of S_BD_1008841_Bibliography.pdf]
    Preview
    Text
    S_BD_1008841_Bibliography.pdf

    Download (144kB) | Preview
    [thumbnail of S_BD_1008841_Appendix.pdf] Text
    S_BD_1008841_Appendix.pdf
    Restricted to Staf Perpustakaan

    Download (901kB)
    Official URL: http://perpustakaan.upi.edu
    Item Type: Thesis (S1)
    Additional Information: No Panggil : S BD PRA i-2014 Pembimbing : I. Ruhaliah
    Uncontrolled Keywords: puisi mantra, tatanén, jeung bahan pangajaran basa jeung sastra Sunda.
    Subjects: P Language and Literature > PN Literature (General)
    Divisions: Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra > Jurusan/Program Studi Pendidikan Bahasa Daerah
    Depositing User: Staf Koordinator 2
    Date Deposited: 12 Aug 2015 03:04
    Last Modified: 12 Aug 2015 03:04
    URI: http://repository.upi.edu/id/eprint/15979

    Actions (login required)

    View Item View Item