AJÉN RÉLIGI DINA KASENIAN HADRO DI DÉSA BOJONG KACAMATAN BUNGBULANG KABUPATÉN GARUT: Tilikan Sémiotik

    Permadi, Try (2017) AJÉN RÉLIGI DINA KASENIAN HADRO DI DÉSA BOJONG KACAMATAN BUNGBULANG KABUPATÉN GARUT: Tilikan Sémiotik. S1 thesis, Universitas Pendidikan Indonesia.

    Abstract

    Kasang tukang ieu panalungtikan kusabab kurangna pangaweruh masarakat kana kasenian hadro hususna nu aya di Désa Bojong, Kacamatan Bungbulang, Kabupatén Garut. Ieu skripsi miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun: 1) saméméh jeung prak-prakan pagelaran kasenian hadro nu aya di Desa Bojong, Kacamatan Bungbulang, Kabupaten Garut, 2) ikon, indéks, jeung simbol nu nyampak dina kasenian hadro; jeung 3) ajén réligi nu nyampak dina kasenian hadro di Desa Bojong, Kacamatan Bungbulang, Kabupaten Garut. Ieu panalungtikan ngagunakeun métode déskriptif. Anapon téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta obsérvasi, wawancara, jeung dokuméntasi. Instrumén anu digunakeun dina ngumpulkeun data nya éta handphone, kaméra digital, padoman wawancara, jeung padoman obsérvasi. Tina hasil panalungtikan, kapanggih aya 59 ajén sémiotik nu ngawengku 17 ikon, 8 indéks, sarta 34 simbol. Tina 59 ajén sémiotik nu geus dianalisis, némbongkeun yén ajén réligi nu aya dina kasenian hadro masih kentel tur dijaga dina unggal magelarkeunna. Ajén réligi nu aya dina kasenian hadro katitén masih ngagunakeun tradisi karuhun sanajan aya sawatara kagiatan anu geus teu digunakeun, tapi leuwih museur kana inti agama Islam. Cindekna ajén réligi dina kasenian hadro katitén ngaronjat, sabab leuwih museur kana inti agama Islam jeung ninggalkeun kabiasaan anu sipatna Hindusme anu dipaké dina unggal pagelaran hadro. Kaseian Hadro kabéhdieunakeun mawa pangaruh pisan dina mekarkeun agama Islam pikeun maheutkeun kayakinan masarakat Désa Bojong supaya leuwih deukeut ka Pangéran. Ieu panalungtikan dipiharep mangpaat pikeun nambahan pangaweruh kabudayaan Sunda hususna di Désa Bojong, Kacamatan Bungbulang, Kabupatén Garut.

    [thumbnail of S_BD_1205197_Title.pdf]
    Preview
    Text
    S_BD_1205197_Title.pdf

    Download ([error in script]) | Preview
    [thumbnail of S_BD_1205197_Abstract.pdf]
    Preview
    Text
    S_BD_1205197_Abstract.pdf

    Download ([error in script]) | Preview
    [thumbnail of S_BD_1205197_Table_of_content.pdf]
    Preview
    Text
    S_BD_1205197_Table_of_content.pdf

    Download ([error in script]) | Preview
    [thumbnail of S_BD_1205197_Chapter1.pdf]
    Preview
    Text
    S_BD_1205197_Chapter1.pdf

    Download ([error in script]) | Preview
    [thumbnail of S_BD_1205197_Chapter2.pdf] Text
    S_BD_1205197_Chapter2.pdf
    Restricted to Staf Perpustakaan

    Download ([error in script])
    [thumbnail of S_BD_1205197_Chapter3.pdf]
    Preview
    Text
    S_BD_1205197_Chapter3.pdf

    Download ([error in script]) | Preview
    [thumbnail of S_BD_1205197_Chapter4.pdf] Text
    S_BD_1205197_Chapter4.pdf
    Restricted to Staf Perpustakaan

    Download ([error in script])
    [thumbnail of S_BD_1205197_Chapter5.pdf]
    Preview
    Text
    S_BD_1205197_Chapter5.pdf

    Download ([error in script]) | Preview
    [thumbnail of S_BD_1205197_Bibiography.pdf]
    Preview
    Text
    S_BD_1205197_Bibiography.pdf

    Download ([error in script]) | Preview
    [thumbnail of S_BD_1205197_Appendix.pdf] Text
    S_BD_1205197_Appendix.pdf
    Restricted to Staf Perpustakaan

    Download ([error in script])
    Official URL: http://repository.upi.edu/
    Item Type: Thesis (S1)
    Additional Information: No. Panggil: S BD PER a-2016; Pembimbing I: Dedi Koswara, II: Ruswendi Permana
    Uncontrolled Keywords: kasenian hadro, ajén réligi, tilikan sémiotik
    Subjects: B Philosophy. Psychology. Religion > BL Religion
    > NX Arts in general
    Divisions: Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra > Jurusan/Program Studi Pendidikan Bahasa Daerah
    Depositing User: Mr mhsinf 2017
    Date Deposited: 24 Jul 2017 07:07
    Last Modified: 24 Jul 2017 07:07
    URI: http://repository.upi.edu/id/eprint/23864

    Actions (login required)

    View Item View Item