SIKEP BASA SUNDA PARA PAJABAT DI LINGKUNGAN PAMARÉNTAH KABUPATÉN BANDUNG

    Shinta Anggraeni, - (2018) SIKEP BASA SUNDA PARA PAJABAT DI LINGKUNGAN PAMARÉNTAH KABUPATÉN BANDUNG. S2 thesis, Universitas Pendidikan Indonesia.

    Abstract

    Ieu panalungtikan dikasangtukangan ku perluna kamampuh ngagunakeun basa Sunda pikeun para pajabat salaku pigur masarakat dina miara basa Sunda. Tujuan dina ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun sikep basa Sunda para pajabat di lingkungan Pamaréntah Kabupatén Bandung. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode déskriptif, kalayan téhnik obsérvasi jeung angkét. Instrumén panalungtikan anu digunakeun nya éta padoman angkét. Ieu panalungtikan ngadéskripsikeun sikep basa Sunda para pajabat di lingkungan Pamaréntah Kabupatén Bandung dumasar kana ciri-ciri sikep basa, nya éta kasatiaan basa, kareueus basa, jeung kasadaran kana ayana norma basa. Hasil panalungtikan némbongkeun yén kasatiaan para pajabat kana basa Sunda miboga sikep negatif, sok sanajan ngarasa penting tapi prak-prakanna langka digunakeun, sedengkeun kareueus para pajabat némbongkeun sikep positif. Nilik kana kasadaran para pajabat kana ayana norma basa Sunda némbongkeun sikep positif tapi can optimal, ku sabab pangaweruh para pajabat ngeunaan Tatakrama Basa Sunda masih héngkér. Hartina para pajabat ngarasa penting ngagunakeun basa Sunda, reueus boga basa Sunda, tapi kaweruh basa Sunda anu héngkér nyababkeun para pajabat langka ngagunakeun basa Sunda.

    [thumbnail of T_BBS_1603291_Title.pdf] Text
    T_BBS_1603291_Title.pdf

    Download (227kB)
    [thumbnail of T_BBS_1603291_Abstract.pdf] Text
    T_BBS_1603291_Abstract.pdf

    Download (201kB)
    [thumbnail of T_BBS_1603291_Table_Of_Content.pdf] Text
    T_BBS_1603291_Table_Of_Content.pdf

    Download (195kB)
    [thumbnail of T_BBS_1603291_Chapter1.pdf] Text
    T_BBS_1603291_Chapter1.pdf

    Download (222kB)
    [thumbnail of T_BBS_1603291_Chapter2.pdf] Text
    T_BBS_1603291_Chapter2.pdf
    Restricted to Staf Perpustakaan

    Download (408kB)
    [thumbnail of T_BBS_1603291_Chapter3.pdf] Text
    T_BBS_1603291_Chapter3.pdf

    Download (131kB)
    [thumbnail of T_BBS_1603291_Chapter4.pdf] Text
    T_BBS_1603291_Chapter4.pdf
    Restricted to Staf Perpustakaan

    Download (1MB)
    [thumbnail of T_BBS_1603291_Chapter5.pdf] Text
    T_BBS_1603291_Chapter5.pdf

    Download (301kB)
    [thumbnail of T_BBS_1603291_Bibliography.pdf] Text
    T_BBS_1603291_Bibliography.pdf

    Download (188kB)
    [thumbnail of T_BBS_1603291_Appendix.pdf] Text
    T_BBS_1603291_Appendix.pdf
    Restricted to Staf Perpustakaan

    Download (990kB)
    Item Type: Thesis (S2)
    Additional Information: No. Panggil : T BBS SHI p-2018; Pembimbing : I. Yayat Sudaryat, II. Dingding Haerudin; NIM : 1603291
    Uncontrolled Keywords: sikep basa, basa Sunda , pajabat, sikap berbahasa, bahasa Sunda, pejabat,language attitude, Sundanese language, high ranked officers
    Subjects: P Language and Literature > PI Oriental languages and literatures
    Divisions: Sekolah Pasca Sarjana > Bahasa dan Budaya Sunda S-2
    Depositing User: Rika Maysani
    Date Deposited: 31 Jul 2019 03:49
    Last Modified: 31 Jul 2019 03:49
    URI: http://repository.upi.edu/id/eprint/36549

    Actions (login required)

    View Item View Item