ÉDISI TÉKS WAWACAN PULAN PALIN (ULIKAN FILOLOGI)

Gunara Fahrizal, - (2024) ÉDISI TÉKS WAWACAN PULAN PALIN (ULIKAN FILOLOGI). S1 thesis, Universitas Pendidikan Indonesia.

[img] Text
S_BD_2008577_Title.pdf

Download (307kB)
[img] Text
S_BD_2008577_Chapter1.pdf

Download (132kB)
[img] Text
S_BD_2008577_Chapter2.pdf
Restricted to Staf Perpustakaan

Download (397kB)
[img] Text
S_BD_2008577_Chapter3.pdf

Download (182kB)
[img] Text
S_BD_2008577_Chapter4.pdf
Restricted to Staf Perpustakaan

Download (3MB)
[img] Text
S_BD_2008577_Chapter5.pdf

Download (109kB)
[img] Text
S_BD_2003106_Appendix.pdf
Restricted to Staf Perpustakaan

Download (2MB)
Official URL: https://repository.upi.edu/

Abstract

Téks Wawacan Pulan Palin (WPP) mangrupa naskah nu miboga sababaraha varian jeung vérsi téksna. Ieu hal téh dilantarankeun ku ayana tradisi nyalin naskah. Anu jadi bangbaluh utamana nyaéta téks mana nu asli atawa nu méh deukeut kana téks asli anu asalna ti pangarangna sorangan. Dina ieu hal, diperlukeun panalungtikan filologi leuwih tiheula. Tina salapan téks WPP anu kapanggih, aya tilu téks anu kapanggih dina wangun naskah tinulis nu ngagunakeun aksara Arab-Pégon. Eusi téksna ngeunaan ajaran tasaup dina wangun dialog antara tokoh Pulan jeung Palin. Ieu tilu téks téh dibéré ngaran naskah A, B, jeung C, nu satuluyna diulik sacara filologi. Tujuanana pikeun nyusun transliterasi, babandingan, jeung suntingan téks WPP nu beresih tina kasalahan. Suntingan téks dilakukeun kalawan ngagunakeun édisi kritis jeung métodeu landasan. Tina hasil babandingan, naskah A dianggap salaku téks panglengkepna. Ku kituna, téksna dijadikeun dadasar pikeun édisi téks. Sedengkeun téks naskah B jeung C dijadikeun babandingan. Tapi, ngan téks anu miboga sasaruaan jeung téks naskah A wungkul nu dibandingkeun téh. Ieu hal ngagambarkeun yén panyalin teu ngagunakeun hiji naskah sumber jeung miboga kabébasan pikeun nyalin naskah saluyu jeung kahayangna. Ku kituna, bisa dicindekkeun yén ieu naskah teu disalin tina hiji naskah sumber jeung mangrupa naskah nu teu dianggap sakral (profan) sabab ayana kabébasan dina nyalin naskahna.

Item Type: Thesis (S1)
Additional Information: ID SINTA Dosen Pembimbing: Dr. Ruhaliah, M.Hum.: 5980277 Dr. Yatun Romdonah Awaliah, S.Pd., M.Pd.: 5994714
Uncontrolled Keywords: Édisi Téks, Filologi, Naskah, Wawacan
Subjects: P Language and Literature > P Philology. Linguistics
P Language and Literature > PA Classical philology
Divisions: Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra > Jurusan/Program Studi Pendidikan Bahasa Daerah
Depositing User: Gunara Fahrizal
Date Deposited: 28 Aug 2024 07:51
Last Modified: 28 Aug 2024 07:51
URI: http://repository.upi.edu/id/eprint/121203

Actions (login required)

View Item View Item