TY - THES TI - KESENIAN SINTREN DI DESA DUKUHBADAG KECAMATAN CIBINGBIN KABUPATEN KUNINGAN PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA ARTIKEL BUDAYA SISWA KELAS XII SMA : Ulikan Estetika jeung Semiotika ID - repoupi41230 M1 - other KW - éstétika; semiotika KW - kesenian sintren KW - pangajaran maca. N2 - Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun ngadéskripsikeun (1) sajarah jeung kamekaran kasenian sintren, (2) prak-prakan lumangsungna pintonan pagelaran kasenian Sintren, (3) unsur éstétika jeung semiotik nu nyangkaruk dina kasenian Sintren, (4) larapna hasil panalungtikan pikeun bahan pangajaran maca artiel budaya di kelas XII SMA. Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métode déskriptif kalayan pamarekan kualitatif. Hasil panalungtikan nyaéta: 1) kasenian Sintren mangrupa kasenian tari anu miboga unsur mistis, penari Sintren biasana awéwé anu maké pakéan husus tuluy make kacamata hideung. Sintren nyaéta tarian putri nu masih suci (perawan) tuluy diabusan roh widadari (bidadari), Sintren ogé miboga waditra husus anu dijieun tina gembyung jeung kipas awi / hihid mun ditabeuh ku cara nu tangtu pasti ngaluarkeun sora anu has. Pungsi dina ayana kasenian ieu sangkan masarakat miboga sarana hiburan diantarana nyaéta; apresiasi seni jeung ajén-ajén éstétik masarakat, sarta miboga simbol masarakat daérah satempat saperti penyambutan nalayan di daérah pesisir pantai utara; 2) prak-prakan kasenian Sintren aya tilu tahap nyaéta tahap pra pintonan, dupan jeung balangan; 3) unsur éstétika anu aya dina wujud, eusi jeung pintonan. Tuluy unsur semiotik nu nyampak dina ikon, indeks, jeung simbol; 4) unsur éstétika jeung semiotika anu nyampak dina kasenian Sintren bisa dijadikeun salasahiji alternatif bahan pangajaran maca artikel budaya di kelas XII SMA. Y1 - 2019/09/12/ AV - restricted UR - http://repository.upi.edu PB - Universitas Pendidikan Indonesia A1 - Reykha Rostiana Dewi, - ER -