%D 2017 %I Universitas Pendidikan Indonesia %O No. Panggil: S BD NUR r-2016; Pembimbing I: Oleh Solehudin, II: Yayat Sudaryat %K Ragam basa Sunda Ciak %L repoupi23818 %A Tanti Nurkomalasari %X Kasang tukang ieu panalungtikan nyaéta ku ayana gejala ti masarakat Cibiuk anu geus jarang maké basa Sunda Ciak dina kahirupan sapopoéna. Éta hal disababkeun ku jarangna masarakat Cibiuk anu mikawanoh kana basa Sunda Ciak. Ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun asal- usul sarta wangun kecap Ragam basa Sunda Ciak ogé ngadéskripsikeun pola parobahan kecap Ragam basa Sunda Ciak nu aya di Kacamatan Cibiuk Kabupatén Garut. Métodeu anu digunakeun dina ieu panalungtikan nyaéta métodeu deskriptif kalayan ngagunakeun téknik observasi, wawancara jeung kuesioner. Sumber data dina ieu panalungtikan nyaéta masarakat nu aya di Kacamatan Cibiuk, tina tiap désa dicokot tilu sampel pikeun dijadikeun narasumber. Jumlah Ragam basa Sunda Ciak anu kapanggih aya 359 (54,1%) kecap tina 664 kecap basa Sunda lulugu nu diujikeun dumasar kana 18 katégori anu aya di Kacamatan Cibiuk Kabupatén Garut. Tina 359 kecap ragan basa Sunda Ciak nu aya di Kacamatan Cibiuk, di antarana aya 206 (57,4%) kecap anu kaasup kana kecap asal, 153 (42,6%) kecap anu kaasup kecap rékaan. Tina 153 kecap anu kaasup kecap rékaan kapanggih aya 15 (9,8%) kecap anu kaasup kana kecap rundayan, 4 (2,6 %) kecap kaasup kana kecap rajékan, 7 (4,6 %) kecap anu kaasup kecap kantétan, 2 (1,3 %) kecap wancahan, sarta 125 (81,7%) kecap anu kaasup kana kecap rékaan pamaseuk. Salian ti éta dumasar kana hasil analisis pola parobahan kecap, kapanggih aya 110 (30,6%) kecap anu kaasup kana pola parobahan kecap asal dumasar kana 17 pola parubahan kecap, 133 (37,1%) kecap anu kaasup kan pola parobahan kecap rékaan dumasar kana 15 pola parubahan kecap, 116 (32,3%) kecap anu kaasup kana pola ganti kecap. %T RAGAM BASA SUNDA CIAK DI KACAMATAN CIBIUK KABUPATÉN GARUT