Nurharismana, Sule (2012) KARINDING KAWUNG :Kajian Hérméneutik Kana Seni Tradisional Di Cinéam. S2 thesis, Universitas Pendidikan Indonesia.
Abstract
Ieu panalungtikan téh mangrupa panalungtikan budaya nu ngaguar jeung ngulik kasenian Sunda buhun, anu dingaranan Karinding. Ieu panalungtikan museur kana waditrana (alat kasenianana) anu disebut Karinding, hiji kasenian tradisional anu dina danget ieu keur dipigandrung ku komunitas rumaja di puseur-puseur dayeuh saperti Bandung, Sumedang, Garut, jeung Cianjur. Sedengkeun di Cinéam (nu dianggap daérah asal gelarna), ieu kasenian téh geus méh tilem kasilih paneka jaman.Dumasar anggapan di luhur, ieu tesis disusun pikeun medar hasil panalungtikan Karinding Kawung (karinding tina palapah kawung) nu aya di Désa Pasirmukti jeung Désa Cikondang, Kacamatan Cinéam, Kabupatén Tasikmalaya. Ieu panalungtikan ngagunakeun pamarekan kualitatif, diadumaniskeun jeung kajian hérméneutik, pikeun napsirkeun rupa-rupa fénomena nu aya patalina jeung objék panalungtikan. Di sagigireun éta, dina medar hasil panalungtikan digunakeun métode déskriptif, sedengkeun pikeun ngumpulkeun datana digunakeun téhnik obsérvasi, wawancara, jeung talaah pustaka.Ngaliwatan kajian hérméneutik, kaungkab yén karinding kawung minangka artéfak kabudayaan Sunda, ngandung ajén-ajén éstétis, historis, jeung pilosofis, anu raket patalina jeung kahirupan hiji komunitas. Nilik kana pola-pola has hiji kabudayan, bisa dicindekkeun yén Karinding Kawung mangrupa hasil kabudayaan masarakat Sunda primordial nu luhung ajénna, nu ngagambarkeun pola pikir, tingkah laku, kréativitas, jeung aspék-aspék séjén tina kahirupan manusa Sunda dina jamanna.
|
Text
t_pbbs_1007027_table_of_content.pdf Download (244kB) | Preview |
|
|
Text
t_pbbs_1007027_chapter1.pdf Download (490kB) | Preview |
|
![]() |
Text
t_pbbs_1007027_chapter2.pdf Restricted to Staf Perpustakaan Download (745kB) |
|
|
Text
t_pbbs_1007027_chapter3.pdf Download (479kB) | Preview |
|
![]() |
Text
t_pbbs_1007027_chapter4.pdf Restricted to Staf Perpustakaan Download (2MB) |
|
|
Text
t_pbbs_1007027_chapter5.pdf Download (384kB) | Preview |
|
|
Text
t_pbbs_1007027_bibliography.pdf Download (445kB) | Preview |
Item Type: | Thesis (S2) |
---|---|
Additional Information: | Ieu panalungtikan téh mangrupa panalungtikan budaya nu ngaguar jeung ngulik kasenian Sunda buhun, anu dingaranan Karinding. Ieu panalungtikan museur kana waditrana (alat kasenianana) anu disebut Karinding, hiji kasenian tradisional anu dina danget ieu keur dipigandrung ku komunitas rumaja di puseur-puseur dayeuh saperti Bandung, Sumedang, Garut, jeung Cianjur. Sedengkeun di Cinéam (nu dianggap daérah asal gelarna), ieu kasenian téh geus méh tilem kasilih paneka jaman.Dumasar anggapan di luhur, ieu tesis disusun pikeun medar hasil panalungtikan Karinding Kawung (karinding tina palapah kawung) nu aya di Désa Pasirmukti jeung Désa Cikondang, Kacamatan Cinéam, Kabupatén Tasikmalaya. Ieu panalungtikan ngagunakeun pamarekan kualitatif, diadumaniskeun jeung kajian hérméneutik, pikeun napsirkeun rupa-rupa fénomena nu aya patalina jeung objék panalungtikan. Di sagigireun éta, dina medar hasil panalungtikan digunakeun métode déskriptif, sedengkeun pikeun ngumpulkeun datana digunakeun téhnik obsérvasi, wawancara, jeung talaah pustaka.Ngaliwatan kajian hérméneutik, kaungkab yén karinding kawung minangka artéfak kabudayaan Sunda, ngandung ajén-ajén éstétis, historis, jeung pilosofis, anu raket patalina jeung kahirupan hiji komunitas. Nilik kana pola-pola has hiji kabudayan, bisa dicindekkeun yén Karinding Kawung mangrupa hasil kabudayaan masarakat Sunda primordial nu luhung ajénna, nu ngagambarkeun pola pikir, tingkah laku, kréativitas, jeung aspék-aspék séjén tina kahirupan manusa Sunda dina jamanna. |
Uncontrolled Keywords: | KARINDING KAWUNG :Kajian Hérméneutik Kana Seni Tradisional Di Cinéam |
Subjects: | L Education > LC Special aspects of education |
Depositing User: | Staf Koordinator 3 |
Date Deposited: | 01 Jul 2014 05:11 |
Last Modified: | 01 Jul 2014 05:11 |
URI: | http://repository.upi.edu/id/eprint/9703 |
Actions (login required)
![]() |
View Item |