AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN WAYANG LANDUNG DI DÉSA PANJALU KECAMATAN PANJALU PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII

Nurjatika, Risma (2015) AJÉN ÉSTÉTIKA DINA KASENIAN WAYANG LANDUNG DI DÉSA PANJALU KECAMATAN PANJALU PIKEUN BAHAN PANGAJARAN MACA BAHASAN DI SMA KELAS XII. S1 thesis, Universitas Pendidikan Indonesia.

[img]
Preview
Text
S_BD_1105048_Title.pdf

Download (245kB) | Preview
[img]
Preview
Text
S_BD_1105048_Abstract.pdf

Download (127kB) | Preview
[img]
Preview
Text
S_BD_1105048_Table_of_Content.pdf

Download (71kB) | Preview
[img]
Preview
Text
S_BD_1105048_Chapter1.pdf

Download (154kB) | Preview
[img] Text
S_BD_1105048_Chapter2.pdf
Restricted to Staf Perpustakaan

Download (391kB)
[img]
Preview
Text
S_BD_1105048_Chapter3.pdf

Download (418kB) | Preview
[img] Text
S_BD_1105048_Chapter4.pdf
Restricted to Staf Perpustakaan

Download (3MB)
[img]
Preview
Text
S_BD_1105048_Chapter5.pdf

Download (184kB) | Preview
[img]
Preview
Text
S_BD_1105048_Bibluiography.pdf

Download (139kB) | Preview
[img] Text
S_BD_1105048_Appendix.pdf
Restricted to Staf Perpustakaan

Download (3MB)
Official URL: http://repository.upi.edu

Abstract

Tujuan ieu panalungtikan nya éta pikeun ngadéskripsikeun kasenian Wayang Landung (nu saterusna disingget KWL), mikanyaho unsur-unsur seni KWL, maluruh jeung ngadéskripsikeun ajén éstétika anu nyangkaruk dina KWL, jeung nyusun hasil panalungtikan KWL kana bahasan kasenian, pikeun bahan pangajaran maca bahasan di SMA kelas XII. Métode anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta étnografi, kalayan pamarekan kualitatif. Téhnik panalungtikan nu dipaké nya éta wawancara, observasi, catetan lapangan, studi dokuméntasi, jeung talaah pustaka. Instrumén anu dipaké dina ieu panalungtikan nya éta pedoman wawancara, instrumen observasi, instrumen catetan lapangan, alat rékam, jeung kaméra foto. Hasil panalungtikan dibagi jadi opat bagian, nya éta déskripsi KWL, unsur-unsur seni dina KWL, ajén éstétika dina KWL, jeung KWL pikeun bahan pangajaran maca bahasan kasenian di SMA kelas XII. Kahiji, kasenian ieu mangrupa hasil kréativitas Pandu Radea, anu ngadumaniskeun pangaweruhna ngeunaan kasenian-kasenian nu aya. KWL munggaran di-publikasikeun-keun dina acara Festival Budaya Nusantara Jembrana taun 2007 di Bali jeung kungsi nyangking sababaraha layang pangajén. Pintonan KWL nya éta helaran, midang, jeung jogol landung. Kadua, KWL didieudeulan ku unsur-unsur anu raket patalina, nya éta seni rupa (busana), seni musik (waditra), seni tari, jeung seni drama. Katilu, KWL boga ajén éstétis anu bisa ditalungtik maké téori Kant, nya éta tina ajén éstétis atawa ajén murni jeung ajén ékstra ététis atawa ajén panambah. Dina ajén éstétis atawa ajén murni, dina KWL nyangkaruk éstétika dina wangunna anu dijieun tina bahan-bahan anu basajan nu aya ti sabudeureun, baju jeung ornamén anu dikapé pamaén KWL, gerak ibingan anu ngadumaniskeun ronggéng gunung jeung penca silat, seni musik anu harmonis, jeung drama. Ajén ékstra ététis atawa ajén panambah aya dina manusa, alam anu nyadiakeun alat jeung bahan, sarta wayang. Kaopat, hasil ieu panalungtikan bisa dipaké pikeun bahan pangajaran maca bahasan kasenian KWL di SMA kelas XII, nepi ka nambahan élmu pangaweruh, jeung numuwuhkeun rasa reueus di siswa kana kasenian tradisional. Kacindekan tina ieu panalungtikan nya éta KWL mangrupa kasenian anyar hasil réka kréasi Pandu Radea jeung aya dina kaayaan nu mekar tur terus robah pikeun nengan wangun boh dina éstétikana boh dina perkara nu séjénna. Salian ti éta, KWL bisa ditalungtik leuwih jero pikeun bahan pangajaran di sakola. Rékoméndasi ieu panalungtikan ditujukeun ka pihak-pihak anu patali jeung boga kapentingan dina KWL sarta ranah atikan sacara umum.

Item Type: Thesis (S1)
Additional Information: No. Panggil : S BD NUR a-2015 Pembingbing : I. Ruhaliah, II. Retty Isnendes
Uncontrolled Keywords: éstétika, kasenian Wayang Landung, bahan pangajaran maca bahasan
Subjects: P Language and Literature > PK Indo-Iranian
P Language and Literature > PZ Childrens literature
Divisions: Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra > Jurusan/Program Studi Pendidikan Bahasa Daerah
Depositing User: Staff DAM
Date Deposited: 01 Oct 2015 01:58
Last Modified: 01 Oct 2015 01:58
URI: http://repository.upi.edu/id/eprint/17380

Actions (login required)

View Item View Item