TUKUH CIBURUY: Ulikan etnografi di Kabuyutan Ciburuy Kacamatan Bayongbong Kabupaten Garut

Indriani, Rini Sri (2012) TUKUH CIBURUY: Ulikan etnografi di Kabuyutan Ciburuy Kacamatan Bayongbong Kabupaten Garut. S2 thesis, Universitas Pendidikan Indonesia.

[img]
Preview
Text
t_pbbs_0908373_table_of_content.pdf

Download (244kB) | Preview
[img]
Preview
Text
t_pbbs_0908373_chapter1.pdf

Download (278kB) | Preview
[img] Text
t_pbbs_0908373_chapter2.pdf
Restricted to Staf Perpustakaan

Download (340kB) | Request a copy
[img]
Preview
Text
t_pbbs_0908373_chapter3.pdf

Download (1MB) | Preview
[img] Text
t_pbbs_0908373_chapter4.pdf
Restricted to Staf Perpustakaan

Download (1MB) | Request a copy
[img]
Preview
Text
t_pbbs_0908373_chapter5.pdf

Download (272kB) | Preview
[img]
Preview
Text
t_pbbs_0908373_bibliography.pdf

Download (253kB) | Preview
Official URL: http://repository.upi.edu

Abstract

Tukuh Ciburuy lain baé términologi anu ngagambarkeun sikep jeung paripolah manusa nu ngarujuk kana kataatan miara tradisi, tapi lahir tina kahirupan budaya di lingkungan masarakat kabuyutan Ciburuy nu ngawengku rupa-rupa aspék. Dina ieu panalungtikan, tradisi atawa adat istiadat anu nyampak di Kabuyutan Ciburuy jeung dikukuhan ku masarakatna téh ditalungtik sacara Étnografis, ku cara niténan jeung ngama’naan dokuméntasi-dokuméntasi anu nyampak. Masalah nu ditalungtik ngawengku: 1) kumaha términologi tukuh Ciburuy dihartikeun atawa dipikapaham ku masarakat, boh di Kabuyutan Ciburuy boh diluareunana; jeung 2) naon baé tradisi anu dipikukuh ku masarakat di lingkungan adat Kabuyutan Ciburuy nu antukna ditafsirkeun atawa dipikapaham ku masarakat di luareunana minangka réprésentasi tina tukuh Ciburuy. Dumasar kana éta masalah, ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun: 1) ngadéskripdikeun terminologi tukuh Ciburuy sakumaha nu dihartikeun atawa dipikapaham ku masarakat, boh di Kabuyutan Ciburuy boh luareunana; jeung 2) nataan tur ngadéskripsikeun rupa-rupa tradisi anu dipikukuh ku masarakat di lingkungan adat Kabuyutan Ciburuy nu antukna ditafsirkeun atawa dipikapaham ku masarakat di luareunana minangka réprésentasi tina tukuh Ciburuy. Pikeun ngagali aspék-aspék nu bisa ngécéskeun masalah nu ditalungtik, métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta Étnografi kalawan diwuwuh ku métode déskriptif. Data ieu panalungtikan dikumpulkeun ngaliwatan téhnik obsérvasi, wawancara, dokuméntasi jeung pangrékam. Dumasar hasil panalungtikan, bisa dicindekkeun: 1) dina tradisi Kabuyutan Ciburuy, Tukuh Ciburuy mangrupa kapengkuhan kana aturan-aturan nu kudu dilaksanakeun sacara rutin. Tina tradisi Kabuyutan Ciburuy, istilah Tukuh Ciburuy diinjeum pikeun digunakeun ku masarakat Sunda sacara umum dina wangun babasan. Babasan tukuh Ciburuy hartina tukuh kaleuleuwihi, sanajan tétéla tangtunganana teu pati bener atawa moal aya matakna upama dirobah ogé. Tukuh Ciburuy ngandung harti yén éta jalma téh kukuh pengkuh dina sikep jeung pamadegan, teu bisa digoda atawa dibibita ku hal séjén demi kayakinan nu diagem atawa dicekel ku dirina; 2) Tukuh Ciburuy sakumaha dina términologi masarakat Ciburuy ngawujud dina wangun pantrangan jeung upacara Séba. Pantrangan ngawujud dina kagiatan-kagiatan atawa hal-hal nu teu meunang dilakukeun ku masarakatna. Upacara Séba mangrupa wujud kapengkuhan masarakat Kabuyutan Ciburuy kana amanat karuhunna, dilaksanakeun minangka wujud ngabdi ka salah saurang tokoh nu darajatna luhur. Wujud kagiatanna ngawengku Nyalikkeun, beberesih jeung masrahkeun hiji hal nu dianggap hadé. Ma’na éta kagiatan téh bisa ngagambarkeun kosmologi masarakat Sunda jaman buhun.

Item Type: Thesis (S2)
Additional Information: Nomor Panggil TPBBS IND t-2012
Uncontrolled Keywords: Tukuh ciburuy, Budaya Sunda
Subjects: L Education > LC Special aspects of education
Depositing User: Staf Koordinator 3
Date Deposited: 30 Jun 2014 04:12
Last Modified: 30 Jun 2014 04:12
URI: http://repository.upi.edu/id/eprint/10365

Actions (login required)

View Item View Item